Jangjawokan Nyaliara Beubeureuh (Jampe Pamelet)

Beubeureuh katineung
batu pacacar katinggang cai
Heur! Nyalangsakan ti puncak gunung
Palapar tepung na panon poe
Bebene ticangreud
Cangreudna paparuguh
geuning wanoh kuring si gagah
si gagah si menak si asih pating harayu
harayu mulih kanu sing ati
hurung pahoyong geugeut ka kuring
geugeut ka kuring
si raray bengray
yeuh nu genclang
yeuh nu caang
yeuh nu silar
nu genclang tur herang
nyurup papas ka panenjo
nu caang tur gumilang
nyecep papas ka pangrupa
Nu silar tur tumanenah
talar na wujud
wujud pangestu
mieling anjeun nu anjeun
nu anjeun ka Dewi Putri ngalanglayung
si raray bengray.

by : http://blogbintang.com

0 komentar:

Post a Comment

 

Dunia Sastra Copyright © 2011-2012 | Powered by Blogger